:

2 Timoteus 4

1

Ku sabab Yesus Kristus bakal sumping deui ka dunya pikeun marentah jumeneng Raja, di hadirat Allah jeung Yesus Kristus anu bakal ngahakiman ka anu harirup jeung ka nu geus maraot, hidep ku bapa diperih

2

kudu ngawurukkeun eta wawaran ti Allah. Jalma-jalma kudu didesek sina ngadarengekeun, rek daekeun rek henteu. Yakinkeun ka maranehna, tegor kasalahanana, bere sumanget, wurukan kalawan sabar.

3

Sabab engke bakal aya mangsa jalma-jalma arembung ngadenge deui piwuruk hade, kalah ka sakama-kama, kalah ka ngadatangkeun guru-guru anu omonganana genah ngagaroan liang ceuli.

4

Tinimbang ngadenge kana piwuruk anu sayakti, kalah ka mikaresep kana dongeng-dongeng pamohalan.

5

Kawasaan diri dina sagala kaayaan, sing tabah jeung wayahna, jalan terus, mashurkeun Injil Kasalametan, tedunan kawajiban abdi Allah.

6

Bapa onaman geus puguh tereh paturay jeung nyawa, jadi kurban haturan Allah.

7

Bapa enggeus beres balap, geus nepi ka garis ahir, henteu lesot tina iman,

8

geus didagoan ku hadiah kaunggulan, pahla pikeun nu hirupna bener, anu bakal dipasrahkeun dina Poe Kiamat ku Gusti Hakim nu adil, ganjaran anu bakal katarima ku sakur anu nyaah ka Anjeunna jeung ngarep-ngarep kana pisumpingeuna-Na.

9

Sabisa-bisa hidep kudu buru-buru manggihan bapa.

10

Bapa geus ditinggalkeun ku Demas, da manehna kagembang ku dunya ieu, geus indit ka Tesalonika. Kreskes indit ka Galata, Titus ka Dalmati,

11

anu aya keneh kari Lukas. Markus sampeur, bawa, sabab gawena kapake ku bapa.

12

Tihikus ku bapa dititah ka Epesus.

13

Pangmawakeun mantel bapa anu ditunda di Troas, cokot ti Ki Karpus, kitu deui buku-buku, sumawonna buku anu kertas kulit tea.

14

Aleksander, paledang tea kacida jahatna ka bapa. Sing aya wawalesna anu satimpal ti Gusti.

15

Hidep ge sing ati-ati, sabab manehna kacida ngewaeunana kana wawaran kayaktian teh.

16

Waktu bapa ngajawab pamariksaan anu mimiti tea, mani taya hiji anu bela, mani kabeh naringgalkeun, bebela teh sorangan we. Tapi mugi-mugi eta anu naringgalkeun ku Allah ulah dikieu-kieu.

17

Tapi Gusti tetep nyarengan ka bapa, nguatkeun hate bapa, nepi ka bapa sanggup ngawurukkeun eta Injil Kasalametan sagemblengna ka nu lain bangsa Yahudi. Gusti geus ngaleupaskeun bapa tina hukum pati,

18

malah bakal ngaleupaskeun tina sagala nu jahat, sarta bakal nyandak bapa ka karajaana-Na di sawarga. Sing agung Anjeunna salanggengna! Amin.

19

Pangnepikeun salam bapa ka Priskila, ka Akwila, jeung ka kulawarga Onesiporus.

20

Erastus mah di Korinta, ari Tropimus mah tinggaleun di Miletus da katarajang gering.

21

Sing sateka-teka datang memeh usum tiris. Aya salam ti Ebulus, ti Pudes, ti Linus, ti Klaudia jeung ti dulur-dulur sakapercayaan lianna.

22

Mugia Gusti nyarengan ka hidep. Mugia hidep jeung anu di darieu mendak sih kurnia ti Allah. Salam bapa, Paulus

Link: